1. Dewa Nurcahya
    Bagian 4
    Cover: Nyusun Rencana...

    Semar Badranaya ngadangu kana kajadian anu model kieu tibatan nyiksa Ka garwana Ku kanyeri, Semar watek wantos duduwong samanea, Lingwang Mukswa Salirana...
    Atuh ieu Nyawa Semar ngawujud jadi Manusa deui, jadi Satria kasep ngarempereng Koneng Lir Dewa Kamajaya kitu Ka aya'anna...

    Dewa Nurcahya: Ari di pake aral da puguh proses ieu teh, ari di tolak majar teu narima takdir ti yang widi beuki ebreh hikmahna yen bojo kaula teh enya Istri Sajati, Istri Nuraspati, Eta ka anak bari anak Sampeuran tega nambru teu eling dirina dina ka prihatinan Nya'ah ka anak jeung Salaki, Ehm bagja Siti ragen teu salah kaula milih bojo teh.
    Waras Tumakaning Jati, Jati tumakaning waras waluya Cageur Anjeun...

    Siti Ragen: ehm teung teuingeun arjuna, Ngalayad teh lain bd ngadamangan kakang Semar kalah maehan sarerea,,
    Ahhhhhhh...
    Saha satria?
    Nurcahya: Kaula Dewa Nurcahya..
    Siti Ragen: Dewa... Tulungan kaula, sasatna kaula teh meunang ka nyeuri ka prihatinan, Salaki di bawa ku dunungan bade di cacag, anak-anak kaula di paehan...
    Nurcahya: Siti Ragen anjeun teh Pamajikan Semar anu leuwih deukeut ka Semar, Sa Orana leuwih wawuh, Sakalimah dua kalimah mah apal paribasana, Taun taun Ulun kumawula daek teu daek meureun ka Serepan, Cik paningali batin anjeun Syaratna Bersih keun Hate, Saha kaula nu sabenerna?

    "Watek wantos Istri nu Sajati, Jodo nu pasti ti tek tek dugi ka beungek apal ka lemahan jeung ka Unggulan nu jadi salaki, Ka seneng, ka resep jeung sajabana iwal ti garwana.
    Eces Jentre pertela kembang Boled teu kahalangan ku aling aling yakin Ieu teh Carogena..."

    Siti Ragen: Ih amit-amit nanaonan atuh salira teh,,, Ngadon ngorban keun nu jadi anak...
    Nurcahya: Apal yen bapak teh saha?
    Siti Ragen: Enya... Kumaha eta kalakuan Arjuna?
    Nurcahya; Ulah dendam anggur doa'keun ku Urang sing Tereh eling maneh nateh...
    Siti Ragen: eta kumaha Nu jadi anak nepi ka ngabebengkang kitu?
    Nurcahya: keun Urang Hirupan deui,,,
    Siti Ragen: Sae namah Urang Sosonoan heula, Da keula teh Sono kanu kasep kieu mah...
    Nurcahya: ih engke ma, Lamun ieu pasualan geus rengse...
    He Getih Patepung deui Jeung getih, Tulang patepung deui jeung tulang, Daging patepung deui jeung daging, kulit patepung deui jeung kulit,...
    Waras Tumakaning Jati, Jati tumakaning waras waluya Cageur, Bi idnillah, Kalayan Ridho anjeunna.

    "Saciduh Metu Sakecap Nyata Weruh Sadurung winara Ieu Panggupay Semar"

    Siti Ragen: Hudang jang,,,,
    Dawala: allah hu akbar... Aduh ema... A hudang hudng...
    Cepot: aduh.... Ee,, naha ema saha eta sanes muhrim ema, make jeung rerendengan kitu?
    Siti Ragen: ieu teh bapak maneh jang..!
    Cepot: aduh ema tos nikah deui ampun, abdi mah embung boga bapak tere mah,,,ayeuna keur bogoh ka ema bageur ka abdi,engke mah abdi teh di leob...
    Dawala: heunteu kabeh bapak tere sok ngaleob...
    Cepot: ngaleob naon cing?
    Dawala: ngaleob urang,,
    Cepot: mksd dwek mah ngaleob daun sampeu tuluy di coel keun kana Tai munding...
    Dawala: Raos ..
    Cepot: bujeng bujeng...
    Siti Ragen: ieu teh bapak maneh jang nu Asli, anu di bawa ku arjuna mah Ragana wungkul, tah ieu Nyawana Ngawujud Deui...
    Dawala: boa heueh...
    Cepot: tah mimiti siah ka pangaruhan teh...
    Dawala: Cik nambut sinjang sun...
    Nurcahya: sok jang,,,
    Dawala: alah nanaonan bapak teh?
    Nurcahya: ih Proses Jang...
    Cepot: ah maennya,,, cik atuh,,, da dewek oge apal kana seungitna Kastori Minyak bapak...
    Aduh gusti Nu agung,,,, Paingan ema Lengket ka bapak da geuningan aslina bapak teh Kasep Ngarempereng Koneng Lir Dewa Kamajaya.
    Dawala: Teu sangka geuning Teu sangka, semar badranaya Jelema sakti, luhur ku elmu jemar ku panalar sugih ku pangarti, tapi nyumput buni dinu ca'ang negrak bari teu ka tembong, Semar sempengang keun ngangkeun mar meunyemarkan Dzatna alam ieu....
    Cepot: Lumayan sia nyong ngahaleuang namah, ngan teuing dina masalah payuna...
    Dawala: kumaha ayeuna maksud bapak?
    Cepot: ehm padahal mah kamari lebaran teh eta baju injeum keun ka abdi pak, meureun aya nu ngajen.. Jeung eta kumaha kalakuan dunungan urang Arjuna,
    Nurcahya: kieu jang,,, Ayeuna teh Raga badag bapak geus di cacag Ku Arjuna teh...
    Cepot: Gusti nu agung,,, Eta Luas mutilasi jelema...
    Dawala: geus ka usap korod eta teh... Naha bapak apal ti mana lamun raga badag bapak tos di cacag?
    Nurcahya: Rasa jeung Perasa'an, kalayan Piling...
    Cepot: Tuluy kumaha pak maksud teh?
    Nurcahya: Urang Berjuang jang, Malah engke peuting Teh Raja Amarta Yudistira Dunungan Urang bakal aya nu Nyulik...
    Dawala: Urang Nagara mana nu rek Nyulik teh pak?
    Nurcahya: Utusan Ti nagara Awuawu Langit... Malahan Ayeuna nu jadi Korban teh Bima keur Teu eling ti gebrus kana embel teu bisa Hanjat...
    Cepot: ke ke ari bapak apal ti mana
    Nurcahya: Aya wae jang, lamun di jelas keun mah panjang teuing...
    Cepot: Hooor salila geuring teh Nyawa namah kitu, ngulayaban ngamunitor... Kaduhung di ubaran ah,,, hanas weh ngagade keun hp..
    Nurcahya: Ayeuna urang berjuang jang, Urang salamet keun ieu Nagara, Salamet keun Raja Urang, Bima jeung Arjuna...
    Cepot: apan itu teh sa Nagara bapak,,, maennya Urang Tiluan mampuh,,, da euweh batur pa kumaha...
    Nurcahya: Urang beja'an satria Gatotkaca, Abimanyu jeung sajabana..
    Dawala: Heueh kagok ngabagi tugasna bapak teh urang kur tiluan mah.
    Nurcahya: Ma wayahna ema mah naheur cai, bapak hoyong kopi...
    Siti Ragen: mangga,
    Cepot: ma abdi mah tong ngangge Gula
    Siti Ragen: make naon?
    Cepot: Orea ma,hehe ngarah tereh montok euy.
    Jadi maksud bapak kumaha ayeuna?
    Nurcahya: Bapak Ayeuna rek ngagupay Wujud bapak nu geus di Cacag jadi opat cenah kadieu kabeh make tanaga Batin...
    Cepot: wah teu mungkin,,,
    Nurcahya: Cepot Dawala pindah tukangeun bapak,...
    Cepot: mangga,,,
    Dawala: hayanh nganyata keun ucapan kolot weh kuring mah...

    "Lajeung Dewa Nurcahya Meureum keun Socana ngagupay Wujud anu parantos di cacag jadi Opat ku Arjuna, Atuh arjuna mah katatang koteteng milarian Layon Semar Bet teu aya, Padahal mah ieu wujud teh Sumping ka Tempat nu di Gupay Ku Pancerna, Ngabelesat Ieu wujud teh Jadi cahaya Benten warna'na Beureum Koneng Bodas Jeung Hideung, Sapertos Katumiri nutug Lembur barang ngageudjlig Dugi ka buruan Atuh Ngawujud Jadi Jalma sewang-sewang..."

    Dawala: aduh, itu saha pak turun ti langit? Boa dewa,
    Cepot: ehm boa heueuh... Saha itu pak?
    Nurcahya: engka tanya weh Kumaneh jang...
    Satria: Sampurasun..
    Nurcahya: Rampes... Mangga kalebet dulur Kaula...
    Satria: wilujeng Tepang deui sanajan urang Papisah tapi tetep satujuan... Jang Cageur nu di pika melang ku bapak teh?
    Cepot: naha ieu saha?
    Satria: Bapak maneh...
    Satria 2: Sampurasun,,, Teu ku nanaon cepot dawala anak bapak?
    Dawala: naha saha?
    Satria 2: bapak maneh...
    Dawala: horrr.... Lieur yeuh kuring...

    "Layon Semar anu di cacag jadi opat Ngawujud jadi Satria sewang sewang parantos Lengkep Aya di lebet bumi Sadayana"

    Satria 2: Mangga Nyangga keun ka salira Salaku Pancerna, Satiap aya Wujud kedah aya Jenenganna sareng Tugasna, Mangga Nyangga keun...
    Nurcahya: Jenengan mah gumantung kana warna sewang sewang,,, Salira Anu ka ancikkan warna Bodas Nyaeta "Dewa Nur Banyu"...
    NurBanyu: Nuhun...
    Nurcahya: Anu ka ancikkan Warna Koneng "Dewa Nur Bayu"
    NurBayu: Nuhun...
    Nurcahya: Anu Warna Beureum "Dewa Nur Geni"...
    Nurgeni: Nuhun...
    Nurcahya: Anu warna Hideung "Dewa Nur Bumi"...
    Dawala: Tah aka dewa nurulung...
    Cepot: Sia dewa Nurustunjung...
    Nurcahya: Tugasna,,, Nur banyu wayahna Pangnewak keun Arjuna tuluy pang mandian keun Di Talaga Arum,,, Arjuna teh keur di tenung Jiwana ku Si Jagat Netra, Mandian cenah Balik deui kana Pamikiran Asalna...
    Nur Banyu: Mangga...
    Nurcahya: Tugas kanggo Dewa Nur Bayu sareng Nur Geni ,Pang nyalamet keun Bima, anu Keur tigebrus Kana embel jadi korban Penghianatan Arjuna.
    Nurbayu: ku dua'an?
    NurCahya: enya Ku dua'an...
    NurBumi: Dupi Kaula?
    Nurcahya: Wayahna Tepungan Batara Kresna, Ulah cicing wae kitu, Ajak cenah ka Nagara Awuawu langit,,
    Teras Ka sadayana Engke Urang Kumpul Dinagara Awuawu langit Urang Rubuh keun Kakawasa'anna Si Jagat Netra...
    NurBanyu: Ayeuna kulan? Sareng Dupi salira tugasna,
    NurCahya: Kaula bakal nyalamet keun Prabu Yudistira Anu rek di Culik Ku Patih Jagat Sekti.
    Wayahna ayeuna ulah Di Isuk pageto keun... Bral Lumampah Jung Geura Lumaku...
    Nurbayu: Cepot dawala Pek milih rek milu ka bapak nu mana?
    Dawala: Cing Profesional weh urang mah a,
    Cepot: heueh kana nu loba duit...
    Nurcahya; Hayu jeung bapak weh Urang Nyalamet keun Prabu Yudistira...

    "Nur Banyu,Nur Bayu, Nur Geni sareng Nur Bumi Halumampah Kana tugas Sewang-sewang"...

    NurCahya: Eeh Jagat Netra..!!! AWAS bongan anjeun wani-wani Ngusik-ngusik Ula Mandi, Ngahudang Keun Macan Turu...

    Dewa NurCahya Ngibing Gawil Satria...
    Eladala..!