1. Dewa Nurcahya
    Bagian 5
    Cover:


    Ka Carios ieu Patih Jagat Sekti anu bade nyulik Yudistira ngarasa Kesel ngadagoan waktu peuting teu acan wantun lebet masih aya di Luar Perbatesan Nagara, Sedengkeun ieu Kajadian teh parantos ka Monitor ku raden Gatotkaca anu Nuju di awang awang nyumput di satukangeun mega numawi Raden Gatotkaca teh rerencepan yen ieu mahluk teh bakal nyieun Laku nu teu hade ka nagara Amarta.
    Raden Gatotkaca teh kagungan Jenengan Surya Pringga Anu watekna tiasa niggal ti katebihan sareng Ngaguna keun aji Sapta Pangrungu anu watekna Tiasa ngadangu keun anu nuju haharewosan sanajan tebih jarakna...
    Gatotkaca: ehmmm... Eta mangkeluk Rada pikacurigaeun,,, lamun anjeun wani-wani nyieun laku lampah anu teu hade ka nagara Amarta dina harti Bakal singhareupan jeung Kaula... Bakal terus di monitur ku kaula...

    Raden Gatotkaca Mandeg di sateukangeun Mega nuju Ngamunitor ieu Mahluk anu nuju Pulang anting di perbatesan Nagara.

    Kacarios ieu Patih Jagat Sekti anu Paamprok sareng Senopati Jagat Denta di perbatesan Nagara Amarta.
    Patih: eh Ki adi, Ceuk akang tong nutur keun jaga weh nagara,,,
    Senopati: kang, kaula teh kenging pancen ti gusti Prabu...
    Patih: pancen naon?
    Senopati: Basa kamari salira mios ti nagara teh, harita Ka sumpingan tamu ti Astina Dorna Sareng Arjuna niatna teh Bade guguru elmu ka Raja Urang teh...
    Patih: hm tuluy
    Senopati: nya di tampi jadi murid trs arjuna teh di tenung ku Raja Urang, syarat hayang boga elmu teh arjuna kudu jadi jelema tega jadi kudu maehan semar terus di Cacag jadi opat.
    Patih: tuluy
    Senopati: kaula teh dititah ku gusti prabu kudu jd saksi ka sanggupan arjuna, indit caritana kaula jeung arjuna teh maksud rek nyokot semar di parapatan jalan di cegat ku bima lanceukna arjuna, Bima Jelema jangkung geude nyarek kana kahayang arjuna tapi arjuna keukeh hayang, Dur der pasea ngan arjuna eleh, ku kaula di bantuan Make ajian ibun bajra nepi ka bima Tigebrus kana embel...
    Patih: tuluy
    Senopati: arjuna Asup ka imah semar di bawa semar teh ka leuweng jeung kaula da semar teh geus paeh, teuing di ceukek teuing di kumaha, Tuluy di cacag jadi opat semar teh bus kana karung, Barang rek di panggul naha ngagoleang hampang ari di teang teh Kosong euweh, Kaula jeung Arjuna katatang koteteng neangan Layon semar euweh...
    Emang salahna arjuna di tinggal keun eta layon semar teh sabat Kukumbah, duka di hakan maung duka kumaha, tapi lamun di hakan maung pasti aya tapakna. Eta ka anehan teh...
    Patih: tuluy kumaha deui,,,
    Senopati: kaula jeung arjuna pugag lampah ngaharuleng mikiran eta layon, naha datang Aya Satria Ngaranna teh "Nur Banyu"...
    Patih: Nur Banyu...
    Senopati: heuem,,, eta nurbanyu nyampeur keun jol jekuk nonjok ka arjuna teuing naon masalahna, nya arjuna ambek, arjuna tuluy ngabelesat keun peureupna nepi ka bangbara'an tapi eta nurbanyu ngelok ka handap gerakan monyet ngemil, tuluy Nga'ajul gedang careham arjuna nepi ka arjuna babang kieungan ngan arokaya arjuna oge lain lawan atah-atah.
    Tuluy arjuna Ngabelesat Maksud rek ngajejek dada Nurbanyu dina geraka kalong ngampih ku dua dampal sukuna eta, Nurbanyu ngagiwar ka gigir atuh arjuna gebrus kana solokan da meureun reuwas bari hayang ngising ongkoh,,,
    Patih: ah naha nepi ka di jelas keun, nu meunang nu man
    Senopati: kaula maksud mantuan Arjuna, kaula Nyeleber keun peureup tapi nurbanyu dongko atuh gerewel siki kanjut di pencet kaula Jejeretan bari neangan sikina euweh hiji,
    Patih: naek ka luhur meuren...
    Senopati: euweh, panggih panggih dina dahan kai bari ngajak seuri,
    Patih: ah teu mararungkin teuing.
    Senopati: Nurbanyu tuluy Ngabopong Arjuna teuing rek di bawa ka mana tapi eta jelas ka tingali ku kaula Nurbanyu jeung Arjuna Asup kana Rungkun, Ku kaula di gabrug beledag teh neunggar tunggul, Huntu nepi ka coplok hiji...
    Tah eta ka anehan teh ki patih, mending balik deui yu, urang amarta mah tong di heureuyan pertahananna kuat...
    Patih: montong ku meok memeh di pacok, miyuni hayam ka biri ngeplek jawer ngambang jangjang,barlayar paur ku Ombak...
    Maneh montong kitu lamun ka nyahoan maneh Geus rej nyerah yakin bakal di pecat jeung di paehan...
    Senopati: da kumaha atuh...

    Datang Raden Gatotkaca...

    Patih: saha eta?
    Gatotkaca: Kaula Purabaya
    Patih: Purabaya,,
    Gatotkaca: Badalungan, Krincing Wesi, Kancing Jaya, Surya Pringga, Bima Putra, Bayu Putu, Arimbi Suta, Jabang Tutuka, Gatotkaca...
    Patih: Gatotkaca...
    Senopati: eta ngaran nepi ka sa RT eun...
    Gatotkaca: Kaula Nyaho yen anjeun rek nyulik Raja Kaula Prabu Yudistira, Dina Harti Bakal saling hareupan jeung kaula... Kaula geus ngamunitor anjeun titadi...
    Senopati: tuh nya urang amarta mah tong di heureuyan... Sok jeung aink Siah, aink kagok Borontok kapalang Belang...
    Gatotkaca: Maju...
    Patih: kade ki adi...
    Senopati: siap...

    Senopati Jagat denta Ngaluar keun Sadaya Teunggeulanna ka Raden Gatotkaca, nanging ka tadah ku raden Gatotkaca malihan teu ka rasaeun...
    Raden Gatotkaca Luncat Ka Ngagadjleng teras Ngajejek Dada Ieu senopati dugi ka senopati Jagat Denta najungkel barang lugay deui Ku Raden Gatotkaca Langsung di Kepret Ngangge Ajian Panca Braja, Atuh ieu Senopati Leungit dirina ngajangelek Jadi Dewi Gedeng Permoni ti nagara Seta gandamayit.

    Patih: hey Gatotkaca hayu Jeung kaula Bangsat,,,
    Gatotkaca: ehmmm...
    Patih: Gatotkaca Ka sohor ka mana2,,,
    Gatotkaca: ari kitu?
    Patih: LEULEUS SIAH...
    Gatotkaca: Tobat...

    Raden Gatotkaca Leuleus Asa jadi kapuk Ka ibunan lir kapas Ka hujanan..

    Patih: ah beuye... (bari ngaleos)


    Bersambung Deui wae, Wayahna nya.