1. Dewa Nurcahya
    Bagian 3
    Cover: Semar Badranaya

    Kacarios ieu Astrajingga sareng Dawala anu ngajugjug puseur Dayeuh Nagara Amarta bade Laporan yen Nguninga keun Semar Badranaya nuju teu damang Wales tos sa sasih langkung, anu dina danget ayeuna tos teu lebet cai cai acan, mung ka tinggal renghap nafasna wungkul.
    Ngan Amanat Semar teh sateu acanna Maot hoyong di longok ku Dunungan Para Pandawa saha wae nu kersa Sumping..
    Astrajingga Lan dawala mandeg satenghing alas pringgandingacala margi pa amprok sareng Arjuna,
    Atuh bingah taya papadana astrajingga sareng dawala geuningan Arjuna teh maksad bade nepangan Semar nanging teu acan di saur keun ku arjuna inti maksad namah bade nandasa Semar teras di Cacag jadi Opat...

    Ka Carios Di bumina Semar, Siti Ragen Garwana Leungiteun Kakasih nu Biasana jagjag Sapertos bihara bihari,
    Dewi Siti Ragen ngan ukur ka gentos ku cai Soca dina salami gogonjakan silih banjur ku rasa ka yungyun, silih simbeuh ku rasa ka deudeuh ayeuna di gentos ku kaprihatinan galih sang caroge nu nuju teu damang, Semar Badranaya teu Damang wales kitu ka aya'anna...
    Ka gareuwah keun ku sumpingna Arjuna.

    Arjuna: kakang Semar ulah kaget kang..
    Cepot: Ema ieu abdi dongkap ma...
    Siti Ragen: Ngahatur keun sembah haturan Rawuh pangersa
    Arjuna: aceuk di tampi nuhun,
    Siti Ragen: kumaha sareng saha?
    Arjuna: Kaula bae, kang kakang Semar.
    Siti Ragen: numawi parantos teu tiasa sasauran mung katinggal renghapna... Kalayan teu tiasa lebet tuangeun leueuten.
    Arjuna: aduh...
    Cepot: Ema sembah ka pihatur...
    Siti Ragen: nuhun jang mana adi maneh...
    Dawala: abdi ma, punten rada telat.
    Cepot: ah sia mah biasana sok telat wae, ari nyokot gajih sok pangheulana wae...
    Pak,, pak pak, ieu abdi Bapak, ieu dunungan sumping ngalayad bapak..
    Arjuna: Mugia wae dina sumpingna kaula bakal jadi jimat parepeh keur kakang semar kalayan dina mulangna ka alam nirwana nagara tunjung sampurna cing Teu aya kapanasaran bae...
    Cepot: nuhun gan...
    Siti Ragen: nuhun pangersa ..
    Arjuna: sajabana kaula sumping kadieu teh, aya dugi keuneun sakedik... Meureun Cepot jeung dawala geus apal yen ayeuna teh Nagara nagara teh keur resah ku ayana Nagara Awuawu langit bangsa Denawa kanibal... Geus loba nagara anu seja taluk kalayan ngirim upeti ka eta nagara,.
    Cepot: oh mhun ..
    Arjuna: tah ayeuna teh Nagara Urang Amarta jadi Inceran eta Bangsa Denawa ti Nagara Awuawu langit, nya kaula teh Aya cara supaya bisa ngarubuh keun kakawasa'anna kudu di sadap heula elmuna engke bakal ka nyahoan Kalemahanna,, nya kaula teh guguru ka eta bangsa Denawa kalayan tos di tampi jadi Murid ngan sa'acan di bere eta Kasaktian kagagahan lan kamandraguna'an teh manehna menta tumbal...
    Siti Ragen: naon tumbalna?
    Cepot: ku hayam Camani? Atawa embe hideung?
    Arjuna: ari tumbalna teh kudu ku jelema di cacag jadi opat...
    Cepot: astagfirullah aladzim...
    Dawala: Boa cepot...
    Cepot: kadieu siah,,, cacag ku aing... Kabina bina teuing...
    Arjuna: kieu yeuh aceuk kantun milih dina antara dua,mendingan nagara urang ancur lebur papan kari tulis rakyat korban sarerea atawa ngorban keun hiji jalma?
    Siti Ragen: nya mending ngorban keun hiji jalma jeung tibatan Kedah ancur sarerea mah...
    Dawala: ah nya'an pasti menta Cepot geura nya...
    Cepot: ari sia dawala hayang di banting sia teh,,, oh dwek apal, ngarah warisan di bagi dua jeung sigareng...
    Siti Ragen: Saha anu ka pundut...
    Arjuna: ngan punten sateu acanna... Anu ka pundut teh nyaeta Kakang Semar Pisan Kedah di cacag Jadi Opat...
    Siti Ragen: Tobat...
    Cepot: uluh...
    Dawala: ahhh...
    Arjuna: menta ka sabaranna, ka ikhlasanna, da kakang semar sasatna bakal ngaleupas keun nyawa jadi sarua bae mendingan di tandasa di cacag jadi opat keur kasalametan Nagara jeung Bangsa.

    "Astrajingga Nyu'uh Ceurik balilihan ka arjuna"
    Cepot: ehm, agan... Wios weh abdi anu di tandasa di cacag jadi opat mah, sasatna abdi jadi gegentos bapak,,, Abdi teh teu bisa mulang tarima kanu jadi sepuh ngan ukur bisa ngaririweuh ngahese keun sapanjang abdi hirup teh, wios abdi gan... Da abdi teh teu tega ninggal bapak di tandasa di cacag mah, Bakal ngajung jurigan bakal ka edanan lamun tea mah hirup oge di tutur tutur ku ka nyeuri...
    Siti Ragen: Sastrajingga nanaonan jang? Ulah ulah jang, keun bae ema weh nu ngaganti bapak mah.
    Cepot: ah entong ma, ngan abdi mah nitip pang Mulasara keun bapak...
    Arjuna: heug ari kitu Cara' namah kaula bakal nyubadanan pamenta maneh, Da ieu mah lain kaula nu hayang, ngan maneh nu menta. (bari Ngaluar keun Keris)
    Naon Pamenta pamungkas maneh sa'acan di tugel jangga?
    Cepot: abdi teh hoyong nguping panghampura Ti nu jadi Sepuh, Yen allah swt maol ngahampura ka eta jalma mun eta jalma acan meunang hampura ti ibu ramana.
    Ema hapunten ma, sasatna abdi teh anak nu buraong bedegong nyape keun kanu jadi sepuh...
    Siti Ragen: di hampura ku ema bageur da ema oge bakal nutur keun..
    Cepot: dawala hampura dwek dawala, dwek sok banyol kanu jadi adi...
    Dawala: ih kudu na oge kuring nu menta di hampura ka lanceuk, da kuring oge bakal nutur keun...
    Arjuna: mangsana,,, sok geura tegrag keun ka tega'an paeh awak maneh.
    Cepot: pileuleuyan dunya dua papasangan kulon wetan kidul kaler, halodo ngijih...
    *Sleeeeepppppp* ieu keris di rogok keun kana beuheung Astrajingga,,
    Cepot: allah hu akbar,,, ema hapunten ma. .
    Siti ragen: di hampura ku ema bageur... (cai soca nu teu eureun eureun nyurucud ku ka prihatinan sareng ka sedih galih)
    Cepot: ahhhh... (astrajingga Nambru di payuneun Arjuna, Kokosehan gegerepekan sapertos lauk di darat sasat ngaleupas keun nyawa tina Raga)
    Dawala: Lajeng keun ka abdi gan,,,mangga toh pati jiwa raga kanggo kasalametan nagara jeung Bangsa...
    Arjuna: bener?
    Dawala: muhun,
    (keris arjuna di Tusuk keun kana beuheung dawala, atuh dawala oge sami tiwas sapertos Rakana)
    Siti Ragen: AAAAHHHHHH....
    Arjuna: ku naon aceuk?
    Siti Ragen: Ieu oge pun lanceuk parantos teu aya...
    Arjuna: ehmm moal dosa teuing kaula, wayahna aceuk ku kaula eta wujudna kakang semar bade di bantun bade di cacag jadi opat di leuweung... (bari ngarawu Layonna semar teras kabur sareng Senopati Jagat Denta bade ka leuweung bade di cacag jadi opat ieu layonna Semar)

    Siti Ragen Karaos Strees linglung lieur nambru dugi ka teu eling di bumi alam ngalumberek sasat di siksa ku Ka nyeuri ku ka prihatinan...

    Bersambung

    Nb: Cik atuh baraya Nyuhun keun Likena Cing seuer sareng Komentarna bilih abdi Nyusun reka caritana Kirang rame...