1. Dewa Nurcahya
    Bagian 1

    Kacarios di Nagara Awuawu Langit aya hiji raja Denawa pengawakan jangkung geude simbar dada bewos simros taya papadana pasemong lir bangbarongan Upama ngandika sentak sengor geleger alas bengkah.
    Hiji raja anu sakti mandraguna tutas tina katimbulan ka gagahan kasaktian lan ka mandraguna'an, Raja anu tukang naluk naluk keun Nagara dugi ka seuer kenging Kintunan Upeti ti nagara jajahanna...
    Sang Nalendra Prabu Jagat Netra di sarengan ku Patih jagat Sekti sareng Senopati Jagat Denta
    Nuju aya dina wacana ngeuna'an cara bade ngajajah Nagara Amarta anu dina danget ieu sesah di Jajahna nu jadi marga lantaran Eta nagara Amarta teh Kagungan Palsafah Panca Darma nyaeta Layang Jamus Kalimusada...

    Patih: Gusti Prabu aya hiji nagara anu hese pisan Di doktrin'na ku urang, Kaula jeung Sabalad balad parantos ngasup keun pahan kitu kieu teu mempan margi di eta nagara teh Kagungan Palsafah lambang ka agungan Nagara nyaeta Layang Jamus Kalimusada anu eusina teh Panca Darma...
    Prabu: eta mah Doktrin heula para pejabatna cenah nga'Amandemen terus eta Peraturan Nagarana, ngan realisasina euweh keun. Cekok para pejabatna cenah jaradi Bangsat kabeh engke urang dukung ku urang cenah nyieun lembaga KPK cenah silih omong keun, keun Antep cenah cekcok parasea para pejabatna tah geus didinnya Otomatis pan Bakal poho ka Rakyatna,.
    Patih: oh kitu paduka ..
    Senopati: leres gusti
    Prabu: lamun aya raskin harewosan ku urang tong cenah di bagikeun, keun weh bagikeun namah cenah kana nu wawuh weh wungkul, asup pan barang2 Narkotika ka para pemuda'na cenah taleler. Apan pemuda teh tulang punggung nagara lain?
    Patih: dawuh paduka
    Prabu: tah tulangna tuar heula ku urang ku cara lemes..
    Pasantren, rumah sakit doktrin terus...
    Cenah parasea kabeh, Ekonomina acak acak lamun aya Acara kasenian kawas Kuda renggong, wayang golek, beluk, jeung sajabana beja keun kituh kampungan maranehna cenah Ngamumule budaya urang,ngamumule Kasenian urang tah lamun maranehna geus poho kana budaya jeung kana kasenianna nagarana, tidinnya ku urang paok Budaya jeung kasenianna urang akui jeung ku urang Claim hak cipta ku Nagara urang, lamun nagara manehna ngagugat ka urang, tanya keun aya keneh teu Jelema di nagara'na nu bisa ka eta kasenianna, pasti moal aya da geus ka lindes ku budaya ti nagara Urang.
    Aya agamana doktrin supaya parasea manehna jeung manehna deui tah geus didinnya Urang Tinggal sadiakeun leungeun cing kandel keur keprok.
    Patih: nanging paduka di nagara Amarta mah Pejabat nateh nyaeta Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa tumut pisan ka lanceukna nyaeta Yudistira, Saolah olah lanceuk pang geude nateh jadi Gaganti bapakna...
    Prabu: tah mun kitu Culik heula Raja'na engke lamun geus ka culik urang menta tebusan,menta Upeti unggal Bulan ka eta nagara lamun teu mikeun Tah make jalan lemes nu ku aink di sebut keun tadi.
    Patih: Janten kedah di Culik heula paduka?
    Prabu: heueh culik heula Yudistira'na, ayeuna Maneh patih wayahna Anu kudu nyulik eta Raja ngan Omat kudu nepi ka hasil lamun balik mawa paisan kosong Aya mamala nu teu hade ka diri maneh.
    Patih: di esto keun Paduka, kinten-kintenna iraha kaula kedah lumampah?
    Prabu: ayeuna ulah di isuk pageto keun, aya paribasa Lebih cepat lebih baik, tong aya lengkah nu kapiceun "Time is Money" kitu lain?
    Senopati: hihihi, money teh biwir na nu maju ka hareup sanes?
    Prabu: eta mah Monyong atuh.. Sajauh jauh, geus tong ngabodor sakira-kirana dagang kulkas mah...
    Patih: sae paduka Kaula maksad ngajugjug Nagara Amarta bade nyulik Yudistira, Nyuhun keun doa'na wae...
    Prabu: bral geura lumampah jeung geura lumaku, jig geura indit..
    Senopati: Abdi oge bade ngiring weh paduka sareng Ki patih...
    Patih: ih entong, Geus maneh mah jaga weh ieu nagara...
    Pamit gusti...

    Ieu Patih Jagat Sekti kondor saking pangkonan Nalendra...

    Satengah jam Ti harita Ieu Prabu Jagat Netra Ka sumpingan Tamu ti nagara Astina nyaeta Resi Dorna di sarengan Arjuna. Anu maksad ieu Resi Dorna Sumping Nepangan Prabu Jagat Netra teh bade ngadaftar keun Arjuna supados janten Muridna ieu Denawa, Cenah Guguru Elmu panemu jampe lan pamake.
    Arjuna anu sasatna hiji murid resi Dorna anu paling tumut ka Dorna, Sagala ka sauran Dorna teu Weuleh di Gugu.
    Prabu jagat Netra Nampi Murid ka Arjuna nanging Syarat anu mutlak Arjuna kedah janten Jelema Tega, Syarat anu ka dua'na kedah nyacag awak jelema jadi Opat ari anu kedah jadi Tumbal nateh nyaeta Semar Badranaya.
    Arjuna nolak kana eta syarat kajeun keneh Bedo jeung teu gaduh elmu tibatan kedah maehan Semar margi di nagara Amarta mah tong boro maehan Jelema, maehan sireum oge ari panginditan tina ngewa mah bakal aya mamala margina dina eta mahluk sanajan leutik oge aya HIRUP...

    Arjuna Di olo ku pangolo Dorna sangkan daek guguru ka eta denawa,
    Ieu Prabu Jagat Netra teh ka sohor Gaduh elmu Sihir lajeng Prabu Jagat Netra Ngawatek Aji Tenung, Pikiran Arjuna di balik keun tina Teu sanggup jadi Sanggup Nyumponan Syarat Kedah Nyacag Semar jadi Opat...
    Prabu Jagat Netra Bingah taya papadana ku ka sanggupan arjuna nanging Bisi ieu Elmu Tenung Luntur tina diri Arjuna, Senopati Jagat Denta di tugas keun kanggo ngaping sasarengan sareng Arjuna kanggo Saksi bilih Arjuna Jalir tina Janjina.

    Arjuna, Dorna sareng Senopati Jagat Denta kondor saking pangkonan Nalendra ngajugjug Nagara Amarta Ka kampung Tumaritis Padumukan Semar Badranaya...

    Tunda Lampah eta ka carios dina mulihna Nakula sareng Sadewa ti Jajar Sokalima Nepangan Resi Dorna, jadi tanda tanya ka Bima ku naon Arjuna heunteu sareng? yen di saur keun ku Nakula Sadewa Arjuna Teh seja Guguru elmu ka nagara Awuawu Langit atuh ku kituna Bima Bendu sedengkeun eta raja teh, Raja biadab yakin bakal ka pangaruhan di mana Arjuna ka pangaruhan yakin bakal nyebar pangaruh denawa ka penganut arjuna, anu ngahaja bakal ngarubuh keun kana kakawasa'an Nagara.
    Ku kituna Bima Lumampah bakal nyandak Arjuna supaya ulah jadi Guguru ka eta Denawa,
    Maklun Bima jelema jangkung geude simbar dada Waos kekerot Soca beureum manghandeueul keun kanu jadi dulur Arjuna nu rek guguru ka Jurig,
    dugi ka Racleng simeut jangkrik ku gedjligna Bima Anu jangkung Geude.

    Bersambung...

    Nb: Klik "Bagikan" baraya Supados Rencang urang nu sami Mika cinta Seni Wayang Golek tiasa ngaos Ieu Carita...