Sabtu, 27 Juli 2013

Rabu, 24 Juli 2013


  1. Dewa Nurcahya
    Pamungkasna Carita
    Cover: Prahasta


    Patih: hey Gatotkaca hayu Jeung kaula Bangsat,,,
    Gatotkaca: ehmmm...
    Patih: Gatotkaca Ka sohor ka mana2,,,
    Gatotkaca: ari kitu?
    Patih: LEULEUS SIAH...
    Gatotkaca: Tobat...

    Raden Gatotkaca Leuleus Asa jadi kapuk Ka ibunan lir kapas Ka hujanan..

    Patih: ah beuye... (bari ngaleos)

    Datang Dewa Nurcahya, Astrajingga sareng Dawala...
    Cepot: Agan.... Agan..
    Gatotkaca: Eh.. Pot,,,
    Cepot: Tong Kulem didieu agan bilih ararateul...
    Gatotkaca: Lain sare, aing teh leules ku pa nyapana Eta Jurig... Jeung saha maneh?
    Cepot: Sareng Si monyong, tah ieu Murid Abdi gan,,, abdi gaduh Murid (bari nunjuk Nurcahya)
    Gatotkaca: Saha Satria?
    Cepot: Murid abdi kituh, murid...
    Nurcahya: Enya,,, enya,, Kaula Muridna Cepot,,,
    Salira teh ku naon?
    Gatotkaca: Kaula teh leuleus ku Panyapana Itu Jurig, Di sebut leuleus jadi Leuleus nyaan.
    Cepot: Oh,,, Hey Murid Pang Nyageur keun Dumungan Uwing, Mun teu daek Di banting Siah ku aink..!
    Dawala: Sok weh kadinyah Ku guruna,,,
    Cepot: Eh,,, ngetes Murid...
    Nurcahya: Mangga,, Jati Tumakaning Waras, Waras Tumakaning Jati Waluya, Damang..!
    Gatotkaca: Ih... Nepi ka Saciduh Metu sakecap nyata... Nuhun.
    Nurcahya: Sami-sami, Wios itu jurig ku kaula bade di tewak itu teh nu bade Nyulik Raja Urang...
    Gatotkaca: Memang bener Pisan eta teh Penjahat,,,
    Nurcahya: Permios...
    Dawala: Yu a, urang newak Jurig...
    Gatotkaca: hebat eta nepi ka Saciduh metu Sakecap nyata,,,
    Cepot: eta teh Budakna daek Peurih, Daek puasana,jeung sajabana, Teu pira Kalimah namah Pondok...
    Gatotkaca: Kudu puasa Sabaraha Poe?
    Cepot: Ari ka agan mah teu kudu di puasa'an, Yakin langsung Matih...
    Gatotkaca: Nu bener?
    Cepot: Cing Jeger,,, Ari agan teh Wedalna naon?
    Gatotkaca: kemis,,,
    Cepot: Kemis teh Dalapan, Kedah Aya dalapan ratus dalapan puluh dalapan Rupiah.
    Gatotkaca: Teu mawa duit ayeuna mah,
    Cepot: Wios Di anjuk oge, Asal Ulah Janji janji weh...
    Gatotkaca: Kumaha Kalimahna?
    Cepot: Kieu gan, JALEULEU JA TULAK TUJAEMAN GOG...
    Gatotkaca: Maennya Aya kalimah kitu?
    Cepot: Nu penting Matih...
    Gatotkaca: heueh Sok atuh.
    Cepot: JALEULEU JA TULAK TUJAEMAN GOG,,, SEUREUH LEUWEUNG BAN, UCING KADUPAK SONGSONG NGEEeek...
    Gatotkaca: Jaleuleu ja Tulak tujaeman gog, seureuh leuweung ban, Ucing kadupak songsong ngek...
    Cepot: Tah palebah "NGEEEK" teh make "Leuleus"... Jeung lamun hayang Cepet Matih mah kudu tega Miceun ka era, Sabari Igeul-igeulan kawas Monyet...
    Gatotkaca: Ah nu baleg?
    Cepot: Sok ajaran ka abdi..!
    Gatotkaca: lamun bohong di paehan siah ku aink..!
    Cepot: Sok...
    Gatotakaca: Jaleuleu ja Tulak tujaeman gog, seureuh leuweung ban, Ucing kadupak songsong ngek ngek LEULEUS siah..!
    Cepot: ADUUUHH... (bari api-api Ngagoler leuleus)
    Gatotakaca: TOBAT..! Teu sangka cepot eta kalimah teh geuningan matih...
    Cepot: Ceuk abdi oge teu pira Kalimah namah,, buru buru cageur keun abdi gan...
    Gatotkaca: Kumaha carana Cepot?
    Cepot: Tah palebah "Ngek ngek teh Make Cageur"...

    Gatotkaca Beuki sumanget bari Igeul -igeulan Kawas Monyet...

    Gatotakaca: Jaleuleu ja Tulak tujaeman gog, seureuh leuweung ban, Ucing kadupak songsong ngek ngek Leuleus...
    Cepot: Tuh nya ceuk, abdi oge...
    Gatotkaca: naha geuning?
    Cepot: Ah enya GUSTI.... (api-api nambru deui) paingan tuur leuleus keneh...
    Gatotakaca: CAGEUR..!
    Cepot: Tah kitu gan,,,
    Gatotkaca: Nuhun Cepot,,, muach muach (bari sun tangan)
    Kaula pamit..!
    Cepot: Hehehe hampir weh ka panggih euy, Bae lah sakali-kali mah pejabat nu di tipu ku Rakyat teh,, Ulah rakyat Wae nu di tipu teh...

    Kacarios Dewa Nurcahya Nuju ngabeberik Patih Jagat Sekti,,,
    Nurcahya: Eh dagoan Bangsat...
    Patih: wah cilaka...

    Ieu Dewa Nurcahya ngawatek ajian "Dul Pamilis" Teunggeulan Jarak Jauh, Lajeung Di pun sambat, Lir ibarat Kilat Petir Anu nyamber ka ieu Patih Jagat Sekti anu nuju Lulumpatan...

    Nurcahya: eh Rasa keun Kurang Ajar,,, "DUL PAMILIS"...
    (Bari Ngarah keun pananganna ka Ieu patih Jagat sekti)

    Patih Jagat Sekti Leungit diri anu sajati ilang Warna anu Sanyata jadi Lurah Togog Tejo mantri...

    Togog: Alah ampun...
    Nurcahya: Ngahaja sia teh? NANAONAN..!
    Togog: sadaya-daya kang, abdi teh di brengkos di paksa, daek teu daek kudu daek...
    Nurcahya: Buru siah indit,,,
    Togog: Permios kang...

    Nurcahya: Eh gatotkaca...!
    Gatotkaca: kaula
    Nurcahya: Hayu tutur keun kaula, Urang Serang Nagara Awuawu Langit, Batara Kresna, Arjuna, bima Sareng Opat Satria dulur Kaula pasti geus nungguan...
    Gatorkaca: Mangga...
    Nurcahya: Cepot dawala, hayu...
    Cepot: Siap...


    Kacarios Ieu Batara Kresna, Arjuna, Bima,Gatotkaca, Nur banyu, Nur geni, Nur Bayu, Nur bumi, Nur cahya sareng cepot dawala Parantos di hareupeun Karatan Nagara Awuawu langit,

    Para Pasukan Ti Nagara Awuawu langit Kaluar sadayana langsung nyerang Ka Rombongan Ti Nagara Amarta, Lajeng Arjuna Ngaluar Keun Panah Pusaka tina Hiji panah Jadi Ratusan Panah,,, Cing Jarungkelna Ieu Pasukan Musuh ka panggang ku panah-panahna Arjuna, Di palih Kenca Bima Ngaluar keun Gada Lukita sari Ngabuntang Banting Ngababi Buta di amuk sadaya pasukan anu Ngepung Bima, Di palih Katuhu Batara Kresna Ngaluar Keun Cakra Udaksana Di tembak keun dugi ka sadayana Ngiles duka ka mana, Di Palih Kiwa Gatotkaca Ngaguna keun Ajian Panca Braja Ngalawan sadaya musuh Sareng di palih Tengen Cepot Dawala Oge teu kantun Ngiring Berjuang...
    Nur Banyu, Nur Bayu, Nur Geni Sareng Nur Bumi langsung Lumebet Ka jero Karaton Nyerang Prabu Jagat Netra,...
    Nur Cahya Nutur keun di satukangeun...
    Para Pasukana Nagara Awuawu langit Gempar Seep dugi teu aya anu nyesa.

    Kacarios Ieu di Lebet Karaton Prabu Jagat Netra Ngabongohan Datangna Opat Satria,
    Prabu Jagat Netra: Wah Beak pasukan aink kabeh, keun Ieu Satria nu opat ieu ku aink arek di hakan...

    Lajeng Prabu Jagat Netra Ngabu ka keun Bahamna, Calawakna Nandingan Korsi Karajaan kalayan Ngaguna keun Gentra Sewu, Di sedot ieu Opat Satria,,, Di gayeum Cing darokdokna ieu Tulanng-tulang Opat Satria, Maklum Ieu Sihung Ranggeteng sareng Huntu anu gareude...
    Prabu: Wah Seubeuh aink, Nambahan Tanaga... Uhuk,,, owak,,, alah murel hayang Utah,,, UWAKKKK....!

    "Ari anu Kaluar tina Utahna ieu Prabu Jagat Sekti Teh sihoreng Layon Semar Badranaya Jadi Utuh Sabihara Bihari deui"

    Prabu: Waduh,,, Eh,, kalah kaluar si eta, Asa di hiji keun ku aink meuren nya...

    Datang Dewa NurCahya..

    Prabu: Ee, saha satria?
    Nurcahya: Tong loba carita, Aink apal saha sampean,,,
    Prabu: naha saha kitu, ari maneh saha?
    Nurcahya: Kaula Pancerna Anu Opat satria tadi, bisi anjeun hayang Apal ka kaula heug...

    Lajeng Dewa Nurcahya lebet deui kana Wujudna,,,

    Semar: Aink deuleu...
    Prabu: ehhh,,, si eta geuning...
    Semar: Sia geus wani-wani NGUSIK NGUSIK ULA MANDI, NGAHUDANG KEUN MACAN TURU... Aink apal kabeh rencana sia ti awal keneh.
    GABLEG elmu naon sia teh? DOR URANG ADU JAJATEN JEUNG AINK, GEURA KETRUK KEUN ELMU TEH SIAH..!
    Ku aink di tungguan dinu lega..!
    Prabu: ahh, aink mah kaduhung ngaeleketk si eta... Ah kagok borontok ka palang belang dagoan siah beke...


    Kacarios Ieu Prabu Batara kresna, Bima sareng Arjuna.
    Batara Kresna: Yayi,,,
    Arjuna: Kaula
    Batara kresna: sabaraha urang satria nu lebet ka karaton teh?
    Arjuna: Lima'an, Hiji Nur Banyu anu nyiksa kaula jeung kaula di mandian di Talaga Arum nepi kaula Eling...
    Bima: Nu nulungan Aink dua'an,,, Aink nyarek teh nya'ah belegug, (bari ngadegung keun arjuna)
    Arjuna: rumaos kang hapunten.
    Bima: lain hapunten hapunten tapi sia kudu miikir,, (bari tuluy ngadegung degung arjuna)
    Batara Kresna: eeh naon atuh yi
    Arjuna: Kaula di degung degung ku kakang Godeg...
    Batara Kresna: Atos atuh yi,,, tuh Geuning Naha nu ka luar ti karaton teh jadi kakang Semar?
    Arjuna: eeh kakang semar Salamet,,,
    Bima: Ceuk aink Oge Si Semar mah ulah di heureuyan Belegug si beuki ka taeun, aink nyarek teh tina nyaah ka sia..!
    Arjuna: Hapunten kang... Eeh tu raja Prabu Jagat Netra Ngebeberik kakang Semar...
    Bima: TOT,,, GATOT... Kadieu..!
    Gatotkac: Sembah Kapihatur Uwa, Paman, Kalayan ama...
    Batara Kresna: Nhun
    Arjuna: nuhun Gatotkaca...
    Bima: Tot, Lawan tuh itu jurig, Sabet Huluna ku Panca Braja...
    Gatotkaca: Permios ama, putra seja Ngalaksana keun Pancen... (Gatotkaca Langsung Ngabelesat)
    Cepot: Hebat lah gan,,, Dupi pancen abdi naon gan?
    Bima: Tuh tingali Jalan kalalotor pinuh Ku tai Munding, BERSIH KEUN...
    Cepot: ahh (bari ngungkug)


    "Raden Gatotkaca Megat Prabu Jagat Netra"

    Gatotkaca: Hutang Pati di bayar Pati hutang wirang Di bayar Wirang...
    Prabu: Sok siah...
    Gatotkaca: BRAJA MUSTI, BRAJA WIKALPA LAMBATAN DENTA WISESA SAPTA PANGRUNGU BAJING NGIRING TAPAK NENGALA,,, PANCA BRAJA TULUUNG..!
    Rasakeun yeuh,,, wettt..

    "Jebred,,, jebred,,, Kana dadana Prabu Jagat Netra"

    Prabu: naon eta teh, ngeleketek aink, meuni ateul teunggeulan teh tiis...

    Gatotkaca: ehm teu mempan,
    Jaleuleu Ja, Tulak Tujaeman Gog, Seureuh Leuweng Ban,Ucing kadupak Songsong ,,NGEK NGEK NGEK,,, LEULEUS SIAH..!
    Prabu: Leueus naon na siah...

    Gatotkaca ngaleos era bari ambek neangan Si Cepot...



    Cepot: ah aink ka ancam deuleu,,, kabur buru-buru,,, "Langsung Nyumput ka jero Kotak wayang"...

    Dawala: Aduh si agan beunang ka tipu si Cepot,,,
    Gatotkaca: Pot, Cepot... Dawala
    Dawala: naon gan?
    Gatotkaca: Mana si Cepot?
    Dawala: Duka gan, Ka mana nya si Cepot?
    Gatotkaca: ah Saruana siah
    Dawala: ah Cing di bentar guludug teuing...


    Ieu Prabu Jagat Netra parantos papayun-payun sareng Semar...
    Prabu: Saha nu bieu?
    Semar: Gatotkaca Dunungan aink
    Prabu: Maennya ajian make jeung JALEULEU JA sagala...
    Semar: ah nu garelo eta mah...
    Prabu: Urang Paheula heula siah jeung Aink...
    Semar: Sok siah...

    Lajeng Semar Meureum keun socana Ngawatek Ajian Sapta Renyu,,,
    Prabu Jagat Netra Di tabrak Ku Semar Lir Guludug Ruruntuttan,lir geuledek Rerentetan...
    Prabu Jagat Netra Ancur Paburisat Cahaya beureum ka kulon, Ka wetan , kidul kaler...
    Sihoreng Sukmana Sanghyang Rancasan Anu salamina terus ngadoja ka manusa anu lemah iman'na....

    Semar: Tah siah Jurig Sakti Setan Nu kawasa tapi moal leuwih Mulya Tibatan Manusa...
    Batara Kresna: Kakang Semar..!
    Semar: Kulan...
    Batara Kresna: Kempel,,,
    Semar: Mangga,,,
    Alhamdullilah Baraya Ieu Lakon Dewa Nurcahya teh Rengse Geuning, Mung sakitu anu ka pihatur Hapunten Ieu Carios teh Jauh kana alus, Anggang Kana sae... Cing Janten Media Hiburan Sok Sanaos Ngalangkungan Facebook, Cing Jadi Ajakan ulah jadi ejekan,Sakali Merdeka tetap Merdeka..!

    Mangga di antos wae Carios Salajengna...

    Wassalam   

WAGOL K 5


  1. Dewa Nurcahya
    Bagian 5
    Cover:


    Ka Carios ieu Patih Jagat Sekti anu bade nyulik Yudistira ngarasa Kesel ngadagoan waktu peuting teu acan wantun lebet masih aya di Luar Perbatesan Nagara, Sedengkeun ieu Kajadian teh parantos ka Monitor ku raden Gatotkaca anu Nuju di awang awang nyumput di satukangeun mega numawi Raden Gatotkaca teh rerencepan yen ieu mahluk teh bakal nyieun Laku nu teu hade ka nagara Amarta.
    Raden Gatotkaca teh kagungan Jenengan Surya Pringga Anu watekna tiasa niggal ti katebihan sareng Ngaguna keun aji Sapta Pangrungu anu watekna Tiasa ngadangu keun anu nuju haharewosan sanajan tebih jarakna...
    Gatotkaca: ehmmm... Eta mangkeluk Rada pikacurigaeun,,, lamun anjeun wani-wani nyieun laku lampah anu teu hade ka nagara Amarta dina harti Bakal singhareupan jeung Kaula... Bakal terus di monitur ku kaula...

    Raden Gatotkaca Mandeg di sateukangeun Mega nuju Ngamunitor ieu Mahluk anu nuju Pulang anting di perbatesan Nagara.

    Kacarios ieu Patih Jagat Sekti anu Paamprok sareng Senopati Jagat Denta di perbatesan Nagara Amarta.
    Patih: eh Ki adi, Ceuk akang tong nutur keun jaga weh nagara,,,
    Senopati: kang, kaula teh kenging pancen ti gusti Prabu...
    Patih: pancen naon?
    Senopati: Basa kamari salira mios ti nagara teh, harita Ka sumpingan tamu ti Astina Dorna Sareng Arjuna niatna teh Bade guguru elmu ka Raja Urang teh...
    Patih: hm tuluy
    Senopati: nya di tampi jadi murid trs arjuna teh di tenung ku Raja Urang, syarat hayang boga elmu teh arjuna kudu jadi jelema tega jadi kudu maehan semar terus di Cacag jadi opat.
    Patih: tuluy
    Senopati: kaula teh dititah ku gusti prabu kudu jd saksi ka sanggupan arjuna, indit caritana kaula jeung arjuna teh maksud rek nyokot semar di parapatan jalan di cegat ku bima lanceukna arjuna, Bima Jelema jangkung geude nyarek kana kahayang arjuna tapi arjuna keukeh hayang, Dur der pasea ngan arjuna eleh, ku kaula di bantuan Make ajian ibun bajra nepi ka bima Tigebrus kana embel...
    Patih: tuluy
    Senopati: arjuna Asup ka imah semar di bawa semar teh ka leuweng jeung kaula da semar teh geus paeh, teuing di ceukek teuing di kumaha, Tuluy di cacag jadi opat semar teh bus kana karung, Barang rek di panggul naha ngagoleang hampang ari di teang teh Kosong euweh, Kaula jeung Arjuna katatang koteteng neangan Layon semar euweh...
    Emang salahna arjuna di tinggal keun eta layon semar teh sabat Kukumbah, duka di hakan maung duka kumaha, tapi lamun di hakan maung pasti aya tapakna. Eta ka anehan teh...
    Patih: tuluy kumaha deui,,,
    Senopati: kaula jeung arjuna pugag lampah ngaharuleng mikiran eta layon, naha datang Aya Satria Ngaranna teh "Nur Banyu"...
    Patih: Nur Banyu...
    Senopati: heuem,,, eta nurbanyu nyampeur keun jol jekuk nonjok ka arjuna teuing naon masalahna, nya arjuna ambek, arjuna tuluy ngabelesat keun peureupna nepi ka bangbara'an tapi eta nurbanyu ngelok ka handap gerakan monyet ngemil, tuluy Nga'ajul gedang careham arjuna nepi ka arjuna babang kieungan ngan arokaya arjuna oge lain lawan atah-atah.
    Tuluy arjuna Ngabelesat Maksud rek ngajejek dada Nurbanyu dina geraka kalong ngampih ku dua dampal sukuna eta, Nurbanyu ngagiwar ka gigir atuh arjuna gebrus kana solokan da meureun reuwas bari hayang ngising ongkoh,,,
    Patih: ah naha nepi ka di jelas keun, nu meunang nu man
    Senopati: kaula maksud mantuan Arjuna, kaula Nyeleber keun peureup tapi nurbanyu dongko atuh gerewel siki kanjut di pencet kaula Jejeretan bari neangan sikina euweh hiji,
    Patih: naek ka luhur meuren...
    Senopati: euweh, panggih panggih dina dahan kai bari ngajak seuri,
    Patih: ah teu mararungkin teuing.
    Senopati: Nurbanyu tuluy Ngabopong Arjuna teuing rek di bawa ka mana tapi eta jelas ka tingali ku kaula Nurbanyu jeung Arjuna Asup kana Rungkun, Ku kaula di gabrug beledag teh neunggar tunggul, Huntu nepi ka coplok hiji...
    Tah eta ka anehan teh ki patih, mending balik deui yu, urang amarta mah tong di heureuyan pertahananna kuat...
    Patih: montong ku meok memeh di pacok, miyuni hayam ka biri ngeplek jawer ngambang jangjang,barlayar paur ku Ombak...
    Maneh montong kitu lamun ka nyahoan maneh Geus rej nyerah yakin bakal di pecat jeung di paehan...
    Senopati: da kumaha atuh...

    Datang Raden Gatotkaca...

    Patih: saha eta?
    Gatotkaca: Kaula Purabaya
    Patih: Purabaya,,
    Gatotkaca: Badalungan, Krincing Wesi, Kancing Jaya, Surya Pringga, Bima Putra, Bayu Putu, Arimbi Suta, Jabang Tutuka, Gatotkaca...
    Patih: Gatotkaca...
    Senopati: eta ngaran nepi ka sa RT eun...
    Gatotkaca: Kaula Nyaho yen anjeun rek nyulik Raja Kaula Prabu Yudistira, Dina Harti Bakal saling hareupan jeung kaula... Kaula geus ngamunitor anjeun titadi...
    Senopati: tuh nya urang amarta mah tong di heureuyan... Sok jeung aink Siah, aink kagok Borontok kapalang Belang...
    Gatotkaca: Maju...
    Patih: kade ki adi...
    Senopati: siap...

    Senopati Jagat denta Ngaluar keun Sadaya Teunggeulanna ka Raden Gatotkaca, nanging ka tadah ku raden Gatotkaca malihan teu ka rasaeun...
    Raden Gatotkaca Luncat Ka Ngagadjleng teras Ngajejek Dada Ieu senopati dugi ka senopati Jagat Denta najungkel barang lugay deui Ku Raden Gatotkaca Langsung di Kepret Ngangge Ajian Panca Braja, Atuh ieu Senopati Leungit dirina ngajangelek Jadi Dewi Gedeng Permoni ti nagara Seta gandamayit.

    Patih: hey Gatotkaca hayu Jeung kaula Bangsat,,,
    Gatotkaca: ehmmm...
    Patih: Gatotkaca Ka sohor ka mana2,,,
    Gatotkaca: ari kitu?
    Patih: LEULEUS SIAH...
    Gatotkaca: Tobat...

    Raden Gatotkaca Leuleus Asa jadi kapuk Ka ibunan lir kapas Ka hujanan..

    Patih: ah beuye... (bari ngaleos)


    Bersambung Deui wae, Wayahna nya.

WAGOL


  1. Dewa Nurcahya
    Bagian 4
    Cover: Nyusun Rencana...

    Semar Badranaya ngadangu kana kajadian anu model kieu tibatan nyiksa Ka garwana Ku kanyeri, Semar watek wantos duduwong samanea, Lingwang Mukswa Salirana...
    Atuh ieu Nyawa Semar ngawujud jadi Manusa deui, jadi Satria kasep ngarempereng Koneng Lir Dewa Kamajaya kitu Ka aya'anna...

    Dewa Nurcahya: Ari di pake aral da puguh proses ieu teh, ari di tolak majar teu narima takdir ti yang widi beuki ebreh hikmahna yen bojo kaula teh enya Istri Sajati, Istri Nuraspati, Eta ka anak bari anak Sampeuran tega nambru teu eling dirina dina ka prihatinan Nya'ah ka anak jeung Salaki, Ehm bagja Siti ragen teu salah kaula milih bojo teh.
    Waras Tumakaning Jati, Jati tumakaning waras waluya Cageur Anjeun...

    Siti Ragen: ehm teung teuingeun arjuna, Ngalayad teh lain bd ngadamangan kakang Semar kalah maehan sarerea,,
    Ahhhhhhh...
    Saha satria?
    Nurcahya: Kaula Dewa Nurcahya..
    Siti Ragen: Dewa... Tulungan kaula, sasatna kaula teh meunang ka nyeuri ka prihatinan, Salaki di bawa ku dunungan bade di cacag, anak-anak kaula di paehan...
    Nurcahya: Siti Ragen anjeun teh Pamajikan Semar anu leuwih deukeut ka Semar, Sa Orana leuwih wawuh, Sakalimah dua kalimah mah apal paribasana, Taun taun Ulun kumawula daek teu daek meureun ka Serepan, Cik paningali batin anjeun Syaratna Bersih keun Hate, Saha kaula nu sabenerna?

    "Watek wantos Istri nu Sajati, Jodo nu pasti ti tek tek dugi ka beungek apal ka lemahan jeung ka Unggulan nu jadi salaki, Ka seneng, ka resep jeung sajabana iwal ti garwana.
    Eces Jentre pertela kembang Boled teu kahalangan ku aling aling yakin Ieu teh Carogena..."

    Siti Ragen: Ih amit-amit nanaonan atuh salira teh,,, Ngadon ngorban keun nu jadi anak...
    Nurcahya: Apal yen bapak teh saha?
    Siti Ragen: Enya... Kumaha eta kalakuan Arjuna?
    Nurcahya; Ulah dendam anggur doa'keun ku Urang sing Tereh eling maneh nateh...
    Siti Ragen: eta kumaha Nu jadi anak nepi ka ngabebengkang kitu?
    Nurcahya: keun Urang Hirupan deui,,,
    Siti Ragen: Sae namah Urang Sosonoan heula, Da keula teh Sono kanu kasep kieu mah...
    Nurcahya: ih engke ma, Lamun ieu pasualan geus rengse...
    He Getih Patepung deui Jeung getih, Tulang patepung deui jeung tulang, Daging patepung deui jeung daging, kulit patepung deui jeung kulit,...
    Waras Tumakaning Jati, Jati tumakaning waras waluya Cageur, Bi idnillah, Kalayan Ridho anjeunna.

    "Saciduh Metu Sakecap Nyata Weruh Sadurung winara Ieu Panggupay Semar"

    Siti Ragen: Hudang jang,,,,
    Dawala: allah hu akbar... Aduh ema... A hudang hudng...
    Cepot: aduh.... Ee,, naha ema saha eta sanes muhrim ema, make jeung rerendengan kitu?
    Siti Ragen: ieu teh bapak maneh jang..!
    Cepot: aduh ema tos nikah deui ampun, abdi mah embung boga bapak tere mah,,,ayeuna keur bogoh ka ema bageur ka abdi,engke mah abdi teh di leob...
    Dawala: heunteu kabeh bapak tere sok ngaleob...
    Cepot: ngaleob naon cing?
    Dawala: ngaleob urang,,
    Cepot: mksd dwek mah ngaleob daun sampeu tuluy di coel keun kana Tai munding...
    Dawala: Raos ..
    Cepot: bujeng bujeng...
    Siti Ragen: ieu teh bapak maneh jang nu Asli, anu di bawa ku arjuna mah Ragana wungkul, tah ieu Nyawana Ngawujud Deui...
    Dawala: boa heueh...
    Cepot: tah mimiti siah ka pangaruhan teh...
    Dawala: Cik nambut sinjang sun...
    Nurcahya: sok jang,,,
    Dawala: alah nanaonan bapak teh?
    Nurcahya: ih Proses Jang...
    Cepot: ah maennya,,, cik atuh,,, da dewek oge apal kana seungitna Kastori Minyak bapak...
    Aduh gusti Nu agung,,,, Paingan ema Lengket ka bapak da geuningan aslina bapak teh Kasep Ngarempereng Koneng Lir Dewa Kamajaya.
    Dawala: Teu sangka geuning Teu sangka, semar badranaya Jelema sakti, luhur ku elmu jemar ku panalar sugih ku pangarti, tapi nyumput buni dinu ca'ang negrak bari teu ka tembong, Semar sempengang keun ngangkeun mar meunyemarkan Dzatna alam ieu....
    Cepot: Lumayan sia nyong ngahaleuang namah, ngan teuing dina masalah payuna...
    Dawala: kumaha ayeuna maksud bapak?
    Cepot: ehm padahal mah kamari lebaran teh eta baju injeum keun ka abdi pak, meureun aya nu ngajen.. Jeung eta kumaha kalakuan dunungan urang Arjuna,
    Nurcahya: kieu jang,,, Ayeuna teh Raga badag bapak geus di cacag Ku Arjuna teh...
    Cepot: Gusti nu agung,,, Eta Luas mutilasi jelema...
    Dawala: geus ka usap korod eta teh... Naha bapak apal ti mana lamun raga badag bapak tos di cacag?
    Nurcahya: Rasa jeung Perasa'an, kalayan Piling...
    Cepot: Tuluy kumaha pak maksud teh?
    Nurcahya: Urang Berjuang jang, Malah engke peuting Teh Raja Amarta Yudistira Dunungan Urang bakal aya nu Nyulik...
    Dawala: Urang Nagara mana nu rek Nyulik teh pak?
    Nurcahya: Utusan Ti nagara Awuawu Langit... Malahan Ayeuna nu jadi Korban teh Bima keur Teu eling ti gebrus kana embel teu bisa Hanjat...
    Cepot: ke ke ari bapak apal ti mana
    Nurcahya: Aya wae jang, lamun di jelas keun mah panjang teuing...
    Cepot: Hooor salila geuring teh Nyawa namah kitu, ngulayaban ngamunitor... Kaduhung di ubaran ah,,, hanas weh ngagade keun hp..
    Nurcahya: Ayeuna urang berjuang jang, Urang salamet keun ieu Nagara, Salamet keun Raja Urang, Bima jeung Arjuna...
    Cepot: apan itu teh sa Nagara bapak,,, maennya Urang Tiluan mampuh,,, da euweh batur pa kumaha...
    Nurcahya: Urang beja'an satria Gatotkaca, Abimanyu jeung sajabana..
    Dawala: Heueh kagok ngabagi tugasna bapak teh urang kur tiluan mah.
    Nurcahya: Ma wayahna ema mah naheur cai, bapak hoyong kopi...
    Siti Ragen: mangga,
    Cepot: ma abdi mah tong ngangge Gula
    Siti Ragen: make naon?
    Cepot: Orea ma,hehe ngarah tereh montok euy.
    Jadi maksud bapak kumaha ayeuna?
    Nurcahya: Bapak Ayeuna rek ngagupay Wujud bapak nu geus di Cacag jadi opat cenah kadieu kabeh make tanaga Batin...
    Cepot: wah teu mungkin,,,
    Nurcahya: Cepot Dawala pindah tukangeun bapak,...
    Cepot: mangga,,,
    Dawala: hayanh nganyata keun ucapan kolot weh kuring mah...

    "Lajeung Dewa Nurcahya Meureum keun Socana ngagupay Wujud anu parantos di cacag jadi Opat ku Arjuna, Atuh arjuna mah katatang koteteng milarian Layon Semar Bet teu aya, Padahal mah ieu wujud teh Sumping ka Tempat nu di Gupay Ku Pancerna, Ngabelesat Ieu wujud teh Jadi cahaya Benten warna'na Beureum Koneng Bodas Jeung Hideung, Sapertos Katumiri nutug Lembur barang ngageudjlig Dugi ka buruan Atuh Ngawujud Jadi Jalma sewang-sewang..."

    Dawala: aduh, itu saha pak turun ti langit? Boa dewa,
    Cepot: ehm boa heueuh... Saha itu pak?
    Nurcahya: engka tanya weh Kumaneh jang...
    Satria: Sampurasun..
    Nurcahya: Rampes... Mangga kalebet dulur Kaula...
    Satria: wilujeng Tepang deui sanajan urang Papisah tapi tetep satujuan... Jang Cageur nu di pika melang ku bapak teh?
    Cepot: naha ieu saha?
    Satria: Bapak maneh...
    Satria 2: Sampurasun,,, Teu ku nanaon cepot dawala anak bapak?
    Dawala: naha saha?
    Satria 2: bapak maneh...
    Dawala: horrr.... Lieur yeuh kuring...

    "Layon Semar anu di cacag jadi opat Ngawujud jadi Satria sewang sewang parantos Lengkep Aya di lebet bumi Sadayana"

    Satria 2: Mangga Nyangga keun ka salira Salaku Pancerna, Satiap aya Wujud kedah aya Jenenganna sareng Tugasna, Mangga Nyangga keun...
    Nurcahya: Jenengan mah gumantung kana warna sewang sewang,,, Salira Anu ka ancikkan warna Bodas Nyaeta "Dewa Nur Banyu"...
    NurBanyu: Nuhun...
    Nurcahya: Anu ka ancikkan Warna Koneng "Dewa Nur Bayu"
    NurBayu: Nuhun...
    Nurcahya: Anu Warna Beureum "Dewa Nur Geni"...
    Nurgeni: Nuhun...
    Nurcahya: Anu warna Hideung "Dewa Nur Bumi"...
    Dawala: Tah aka dewa nurulung...
    Cepot: Sia dewa Nurustunjung...
    Nurcahya: Tugasna,,, Nur banyu wayahna Pangnewak keun Arjuna tuluy pang mandian keun Di Talaga Arum,,, Arjuna teh keur di tenung Jiwana ku Si Jagat Netra, Mandian cenah Balik deui kana Pamikiran Asalna...
    Nur Banyu: Mangga...
    Nurcahya: Tugas kanggo Dewa Nur Bayu sareng Nur Geni ,Pang nyalamet keun Bima, anu Keur tigebrus Kana embel jadi korban Penghianatan Arjuna.
    Nurbayu: ku dua'an?
    NurCahya: enya Ku dua'an...
    NurBumi: Dupi Kaula?
    Nurcahya: Wayahna Tepungan Batara Kresna, Ulah cicing wae kitu, Ajak cenah ka Nagara Awuawu langit,,
    Teras Ka sadayana Engke Urang Kumpul Dinagara Awuawu langit Urang Rubuh keun Kakawasa'anna Si Jagat Netra...
    NurBanyu: Ayeuna kulan? Sareng Dupi salira tugasna,
    NurCahya: Kaula bakal nyalamet keun Prabu Yudistira Anu rek di Culik Ku Patih Jagat Sekti.
    Wayahna ayeuna ulah Di Isuk pageto keun... Bral Lumampah Jung Geura Lumaku...
    Nurbayu: Cepot dawala Pek milih rek milu ka bapak nu mana?
    Dawala: Cing Profesional weh urang mah a,
    Cepot: heueh kana nu loba duit...
    Nurcahya; Hayu jeung bapak weh Urang Nyalamet keun Prabu Yudistira...

    "Nur Banyu,Nur Bayu, Nur Geni sareng Nur Bumi Halumampah Kana tugas Sewang-sewang"...

    NurCahya: Eeh Jagat Netra..!!! AWAS bongan anjeun wani-wani Ngusik-ngusik Ula Mandi, Ngahudang Keun Macan Turu...

    Dewa NurCahya Ngibing Gawil Satria...
    Eladala..!

CRTAWG


  1. Dewa Nurcahya
    Bagian 3
    Cover: Semar Badranaya

    Kacarios ieu Astrajingga sareng Dawala anu ngajugjug puseur Dayeuh Nagara Amarta bade Laporan yen Nguninga keun Semar Badranaya nuju teu damang Wales tos sa sasih langkung, anu dina danget ayeuna tos teu lebet cai cai acan, mung ka tinggal renghap nafasna wungkul.
    Ngan Amanat Semar teh sateu acanna Maot hoyong di longok ku Dunungan Para Pandawa saha wae nu kersa Sumping..
    Astrajingga Lan dawala mandeg satenghing alas pringgandingacala margi pa amprok sareng Arjuna,
    Atuh bingah taya papadana astrajingga sareng dawala geuningan Arjuna teh maksad bade nepangan Semar nanging teu acan di saur keun ku arjuna inti maksad namah bade nandasa Semar teras di Cacag jadi Opat...

    Ka Carios Di bumina Semar, Siti Ragen Garwana Leungiteun Kakasih nu Biasana jagjag Sapertos bihara bihari,
    Dewi Siti Ragen ngan ukur ka gentos ku cai Soca dina salami gogonjakan silih banjur ku rasa ka yungyun, silih simbeuh ku rasa ka deudeuh ayeuna di gentos ku kaprihatinan galih sang caroge nu nuju teu damang, Semar Badranaya teu Damang wales kitu ka aya'anna...
    Ka gareuwah keun ku sumpingna Arjuna.

    Arjuna: kakang Semar ulah kaget kang..
    Cepot: Ema ieu abdi dongkap ma...
    Siti Ragen: Ngahatur keun sembah haturan Rawuh pangersa
    Arjuna: aceuk di tampi nuhun,
    Siti Ragen: kumaha sareng saha?
    Arjuna: Kaula bae, kang kakang Semar.
    Siti Ragen: numawi parantos teu tiasa sasauran mung katinggal renghapna... Kalayan teu tiasa lebet tuangeun leueuten.
    Arjuna: aduh...
    Cepot: Ema sembah ka pihatur...
    Siti Ragen: nuhun jang mana adi maneh...
    Dawala: abdi ma, punten rada telat.
    Cepot: ah sia mah biasana sok telat wae, ari nyokot gajih sok pangheulana wae...
    Pak,, pak pak, ieu abdi Bapak, ieu dunungan sumping ngalayad bapak..
    Arjuna: Mugia wae dina sumpingna kaula bakal jadi jimat parepeh keur kakang semar kalayan dina mulangna ka alam nirwana nagara tunjung sampurna cing Teu aya kapanasaran bae...
    Cepot: nuhun gan...
    Siti Ragen: nuhun pangersa ..
    Arjuna: sajabana kaula sumping kadieu teh, aya dugi keuneun sakedik... Meureun Cepot jeung dawala geus apal yen ayeuna teh Nagara nagara teh keur resah ku ayana Nagara Awuawu langit bangsa Denawa kanibal... Geus loba nagara anu seja taluk kalayan ngirim upeti ka eta nagara,.
    Cepot: oh mhun ..
    Arjuna: tah ayeuna teh Nagara Urang Amarta jadi Inceran eta Bangsa Denawa ti Nagara Awuawu langit, nya kaula teh Aya cara supaya bisa ngarubuh keun kakawasa'anna kudu di sadap heula elmuna engke bakal ka nyahoan Kalemahanna,, nya kaula teh guguru ka eta bangsa Denawa kalayan tos di tampi jadi Murid ngan sa'acan di bere eta Kasaktian kagagahan lan kamandraguna'an teh manehna menta tumbal...
    Siti Ragen: naon tumbalna?
    Cepot: ku hayam Camani? Atawa embe hideung?
    Arjuna: ari tumbalna teh kudu ku jelema di cacag jadi opat...
    Cepot: astagfirullah aladzim...
    Dawala: Boa cepot...
    Cepot: kadieu siah,,, cacag ku aing... Kabina bina teuing...
    Arjuna: kieu yeuh aceuk kantun milih dina antara dua,mendingan nagara urang ancur lebur papan kari tulis rakyat korban sarerea atawa ngorban keun hiji jalma?
    Siti Ragen: nya mending ngorban keun hiji jalma jeung tibatan Kedah ancur sarerea mah...
    Dawala: ah nya'an pasti menta Cepot geura nya...
    Cepot: ari sia dawala hayang di banting sia teh,,, oh dwek apal, ngarah warisan di bagi dua jeung sigareng...
    Siti Ragen: Saha anu ka pundut...
    Arjuna: ngan punten sateu acanna... Anu ka pundut teh nyaeta Kakang Semar Pisan Kedah di cacag Jadi Opat...
    Siti Ragen: Tobat...
    Cepot: uluh...
    Dawala: ahhh...
    Arjuna: menta ka sabaranna, ka ikhlasanna, da kakang semar sasatna bakal ngaleupas keun nyawa jadi sarua bae mendingan di tandasa di cacag jadi opat keur kasalametan Nagara jeung Bangsa.

    "Astrajingga Nyu'uh Ceurik balilihan ka arjuna"
    Cepot: ehm, agan... Wios weh abdi anu di tandasa di cacag jadi opat mah, sasatna abdi jadi gegentos bapak,,, Abdi teh teu bisa mulang tarima kanu jadi sepuh ngan ukur bisa ngaririweuh ngahese keun sapanjang abdi hirup teh, wios abdi gan... Da abdi teh teu tega ninggal bapak di tandasa di cacag mah, Bakal ngajung jurigan bakal ka edanan lamun tea mah hirup oge di tutur tutur ku ka nyeuri...
    Siti Ragen: Sastrajingga nanaonan jang? Ulah ulah jang, keun bae ema weh nu ngaganti bapak mah.
    Cepot: ah entong ma, ngan abdi mah nitip pang Mulasara keun bapak...
    Arjuna: heug ari kitu Cara' namah kaula bakal nyubadanan pamenta maneh, Da ieu mah lain kaula nu hayang, ngan maneh nu menta. (bari Ngaluar keun Keris)
    Naon Pamenta pamungkas maneh sa'acan di tugel jangga?
    Cepot: abdi teh hoyong nguping panghampura Ti nu jadi Sepuh, Yen allah swt maol ngahampura ka eta jalma mun eta jalma acan meunang hampura ti ibu ramana.
    Ema hapunten ma, sasatna abdi teh anak nu buraong bedegong nyape keun kanu jadi sepuh...
    Siti Ragen: di hampura ku ema bageur da ema oge bakal nutur keun..
    Cepot: dawala hampura dwek dawala, dwek sok banyol kanu jadi adi...
    Dawala: ih kudu na oge kuring nu menta di hampura ka lanceuk, da kuring oge bakal nutur keun...
    Arjuna: mangsana,,, sok geura tegrag keun ka tega'an paeh awak maneh.
    Cepot: pileuleuyan dunya dua papasangan kulon wetan kidul kaler, halodo ngijih...
    *Sleeeeepppppp* ieu keris di rogok keun kana beuheung Astrajingga,,
    Cepot: allah hu akbar,,, ema hapunten ma. .
    Siti ragen: di hampura ku ema bageur... (cai soca nu teu eureun eureun nyurucud ku ka prihatinan sareng ka sedih galih)
    Cepot: ahhhh... (astrajingga Nambru di payuneun Arjuna, Kokosehan gegerepekan sapertos lauk di darat sasat ngaleupas keun nyawa tina Raga)
    Dawala: Lajeng keun ka abdi gan,,,mangga toh pati jiwa raga kanggo kasalametan nagara jeung Bangsa...
    Arjuna: bener?
    Dawala: muhun,
    (keris arjuna di Tusuk keun kana beuheung dawala, atuh dawala oge sami tiwas sapertos Rakana)
    Siti Ragen: AAAAHHHHHH....
    Arjuna: ku naon aceuk?
    Siti Ragen: Ieu oge pun lanceuk parantos teu aya...
    Arjuna: ehmm moal dosa teuing kaula, wayahna aceuk ku kaula eta wujudna kakang semar bade di bantun bade di cacag jadi opat di leuweung... (bari ngarawu Layonna semar teras kabur sareng Senopati Jagat Denta bade ka leuweung bade di cacag jadi opat ieu layonna Semar)

    Siti Ragen Karaos Strees linglung lieur nambru dugi ka teu eling di bumi alam ngalumberek sasat di siksa ku Ka nyeuri ku ka prihatinan...

    Bersambung

    Nb: Cik atuh baraya Nyuhun keun Likena Cing seuer sareng Komentarna bilih abdi Nyusun reka caritana Kirang rame...

cerita WG


  1. Dewa Nurcahya
    Bagian 2
    Cover: Bima

    Tunda Lampah eta ka carios dina mulihna Nakula sareng Sadewa ti Jajar Sokalima Nepangan Resi Dorna, jadi tanda tanya ka Bima ku naon Arjuna heunteu sareng? yen di saur keun ku Nakula Sadewa Arjuna Teh seja Guguru elmu ka nagara Awuawu Langit atuh ku kituna Bima Bendu sedengkeun eta raja teh, Raja biadab yakin bakal ka pangaruhan di mana Arjuna ka pangaruhan yakin bakal nyebar pangaruh denawa ka penganut arjuna, anu ngahaja bakal ngarubuh keun kana kakawasa'an Nagara.
    Ku kituna Bima Lumampah bakal nyandak Arjuna supaya ulah jadi Guguru ka eta Denawa,
    Maklun Bima jelema jangkung geude simbar dada Waos kekerot Soca beureum manghandeueul keun kanu jadi dulur Arjuna nu rek guguru ka Jurig,
    dugi ka Racleng simeut jangkrik ku gedjligna Bima Anu jangkung Geude.

    Bima: Si Jeunet kaya wong gendeng kaya bocah cilik kabita'an euweuh tidituna manusa kudu guguru ka jurig, aya oge jurig barakesrakan genderuwo kudu turut ka manusa, lamun guguru ka jurig dinaharti darajat di sahandapeun Jurig bakal di perbudak ku jurig, geus leungit nu di sebut ka mulya'an, si arjuna ayeuna rek guguru elmu ka jurigan lain elmu kamanusa'an teu satuju aing...
    Hey wong awuawu langit kaula moal ngaganggu mararaneh eta urusan mararaneh tapi ieu urusan aink jeung adi aink si jeunet, sabab aya patula patalina si arjuna teh pamimpin di Madukara lamun ayeuna mawa elmu jurig yakin bakal mawa keun pangaruh nu teu hade ka bawahanna...

    "Arjuna,,, Ari dorna mah kebat lumampah ka sokalima, tina parapatan arjuna mah ka kiwa, dorna mah ka tengen jadi papisah kitu kaaya'anna, kaleresan arjuna lumampah rada ngaregog di payun aya nu ngabedega, Jelas ecea jentre yen eta rakana Bima.
    Arjuna: Gusti senopat
    Senopati: kaula
    Arjuna: wayahna nyumput heula salira mah, itu di hareup aya pun lanceuk..
    Senopati: oh eta teh tuang raka..
    Arjuna: leres..
    Senopati: mangga mangga...

    Arjuna: kang kakang godeg ieu rayi.
    Bima: NDET..!!!
    Arjuna: kaula
    Bima: kabeneran, Kadieu kadieu...

    Bima: Reuwas aink meunang beja ti si Nakula Sadewa, Geus ti mana?
    Arjuna: Rayi teh parantos wangsul ti Nagara Awuawu langit...
    Bima: jeung saha bieu?
    Arjuna: Sareng Kangjeng rama resi,
    Bima: ka mana ayeunna?
    Arjuna: dina parapatan kangjeng rama mah teras ka Sokalima...
    Bima: heu nuhun...
    Geus naon ti Nagara Awuawu langit teh?
    Arjuna: Kaleresan ayeuna Tepang sareng kakang godeg aya dugi keuneun.
    Tina benci jadi hayang, ngupingna eta teh ti kangjeng rama yen eta raja awuawu langit teh Sakti mandra guna.
    Ora ana braja Ingkang Tumama, Buktos namah seuer raja raja nu taraluk anu ngintun upeti di antarana nagara Astina,Wirata, cempalareja sareng sajabina parantos seja taluk...
    Bima: ehm... Eta teh raja raja anu leumpeuh yuni,euweuh imaanan.apan sidik di nagarana loba keneh pakir miskin, geus weh bagikeun ka rakyatna jeung tibatan kudu mere ka jurig.
    Arjuna: ngan mamalana nagara di serang...
    Bima: Perang jadi...
    Arjuna: ngan rakyat jadi korban
    Bima: Rasiko eta mah...
    Arjuna: sarua keneh,
    Bima: jadi maksud?
    Arjuna: kaula teh seja guguru ka eta denawa malahan parantos di tampi janten Muridna.
    Bima: Edan...
    Elmu naon anu ka tarima?
    Arjuna: kaula
    Bima: elmu naon anu ka tarima??? HA, KA HAYANG AINK badami heula jeung dulur.. Apan sidik geus budaya di Urang kudu gempungan heula, Musyawarah mupakat... Eta teh dina harti mawa karep pribadi anu engkena bakal nyangsara keun ka sararea...
    Arjuna: ieu mah kaula aya maksad, bisana eta rubuh kakawasa'an Denawa teh kudu di sadap heula elmuna engke bakal di talungtik ka lemahanna.
    Bima: teu mungkin, TEU MUNGKIN... Lain bodo eta mangkeluk teh.
    Arjuna: nya urang pa pinter pinter jeung eta jurig.
    Bima: pinter keneh itu siah...
    Arjuna: naha salira teu hoyong jadi jelema pinter?
    Bima: Teu...
    Arjuna: naha?
    Bima: sabab nu pinter mah tukang tipu, ari elmu cicingna dina naon?
    Arjuna: dina otak,
    Bima: lamun jelema geus pinter Yakin enteng usahana, maju ushana ngan Dosa geude.
    Arjuna: naha
    Bima: sabab nu pinter usahana kanu bodo, da lamun kanu pinter deui mah moal daekeun...
    Arjuna: Supaya eta pinter jadi iman.
    Bima: pinter kudu di barengan ku iman. Ari iman ngancikna dina ati,mun ati ka ancikkan iman urang bakak bener,mun geus bener bakal enteng ibadahna loba amalna. Jadi ayeuna elmu jeung iman teh eta keur ngeundalikeun hawa nafsu.
    Ari nafsu ngancikna dina akal jeung elingan mun akal jeung nafsu ngancik yakin urang bakal salah, enteng cilakana loba kahayangna.
    Cing apik siah dina agama kade, ari apik teh wrarewi.
    Teliti jeung ati-ati waspada permana tinggal ulah geutah harupateun, ari Geutah harupateunj teh sabagian pagawean iblis, NGARTI?
    Arjuna: ieu mah urang guguru ka saktianna.
    Bima: SAHA NU SAKTI? SAHA, HAH???
    Ku aink di aku kasaktian aya di jurig, kagagahan aya di setan tapi kamulya'an aya di Manusa.
    Mulyana manusa teh bisa ngagunakeun akal pikiran budi pamilih rasa jeung prasaan, naha eta make rasa siah? Eta jiwa sia rek tetep di gadekeun ka jurig?
    Heunteu rek di wakaf keun kanu kawasa sumerah jeung pasrah yen hirup teu ngaboga'an naon naon, salah kaprah siah...
    Arjuna: nagara teh ngabutuh keun jalma-jalma garagah...
    Bima: nu kumaha nu gagah teh? Nu kuat di kadek? HAH,,, lain neangan elmu kuat di kadek tapi neangan elmu sangkan euweh nu ngadek. Bodo- bodo teuing sia teh.
    Arjuna: pokokna akang ulah ngahalangan.
    Bima: ku aink di halangan, sabab naon? Aya patula patalina jeung dulur eta ceuk pribadina, ayeuna hakekatna anu di sebut manusa teh daek di papatahan, daek mapatahan mun teu kitu rametuk siah... Di antep dina harti ngamodalan kajahatan, Ngarti sampean? Tempo tina kasang tukangna, aink teh tina nya'ah bisi sia salah kaprah hirup teh.
    Arjuna: ulah ngahalngan kang, da urang teh geude enggeus dewasa eukeur
    Bima: lain dewasa siah, tapi bubudakeun keneh.
    Arjuna: urang gaduh garapan sewang sewang, panuhun salira ulah ngahalngan,, kaula bade ngabantun syarat kanggo kasaktianna.
    Bima: syarat naon?
    Arjuna: Kedah maehan semar di cacag jadi opat...
    Bima: Ehhhmm... Edab siah, sia nu kudu di podaran mah lain semar... Semar teh rakyat, baheula sia menta tulung masang2 keun balogoh ka saha?
    Arjuna: ka rakyat,
    Bima: eta belegug nu kudu di gugu mah lain jurig, sia teh kudu nyalur keun aspirasi rakyat geus jadi pejabat teh, ieu mah sia kalah jadi bangsat...
    Arjuna: tong ngahalngan Bima.
    Bima: di podaran siah ku aink.
    Arjuna: naha tega rek maehan dulur?
    Bima: hade keneh sia modar jeung tibatan kudu beda pamadegan jeung aink mah...
    Arjuna: baheula urang parebut cai susu, ayeuna urang parebutan pamadegan sok urang bukti keun mana nu salah jeung nu bener, tong dumeh anjeun awak geude nguntup kanu leutik, sireum oge du jejek-jejek teuing mah
    Bima: MODAR
    Arjuna: eh tong di bahas eta mah...
    Sok bima urang Bitotama jeung kaula...
    Bima: ehhmmm...

    "Bima sareng Arjuna rai raka durder pasea, nanging Arjuna teu kuat nandingan bima, bisi arjuna neunggeul sakumaha tarik oge kalah di seungseuri keun, Lajeng Arjuna di pun balang ku bima,,,
    Arjuna hampir Neunggar kana gawir nanging katahan ku pananganna, Arjuna lajeung Jangirat tangi nyandak Panah...
    Ti kajauhan Arjuna Nyasar Rakana bima, dugi puluhan panah di leupas keun...
    Bima lain lawan atah-atah, panah nu sakitu nyaleberna ngarah kana tikoro, Reflekna Bima tiasa nadah di tewakan panahna ti Arjuna...

    Senopati: ehm aya wae gangguan teh, nyaheueh atuh Arjuna mah sageude kitu,bima sageude kieu...
    Sarua weh Bonteng ngalawan Doser...
    Arjuna: Gusti senopati,, kumaha kaula nyuhun keun bantosan...
    Senopati: heug arjuna, geus salira mah mundur weh kaula sanggup ngalawan bima...
    Arjuna: nhun, ngan omat tong dugi ka paeh... (bari ngaleos)
    Senopati: heug.. Nya'ah keneh ari kitu namah ka lanceuk.
    Ari lamun di lawan ku fisik mah, kaula yakin bakal Peujet, awak nepi ka jangkung geude kitu,kuku raranggoas...
    Kaula bakal ngaguna keun Ajian Ibun Bajra, ieu tempat bakal poek ku pepedut...

    "Senopato jagat Denta ngapun ambat ieu Ajian, Saciduh metu sakecap nyata ieu Pepedut nepi ka moekan ieu Tempat, Bima dugi ka rarang rorong teu ninggal naon-naon ari Ieu Senopati mah tiasa ninggal ka bima...
    Takdir teu bisa di pungkir kadar teu bisa di singlar papasten anu tumiba ka bima, Bima teras mapay maju ka payun sedengkeun di payun teh aya gawir nu lungkawing, Bima ti gebrus kana gawir di handap nateh aya Embel (sawah Ranca) bima ti lelep kana embel mung masatakana wungkul nu nolol, Oseh osehan teu tiasa nanaon bima, karaos tiris di eta tempat bima dugi ka selang seling teu eling gegerungan nyuhun keun tulung ka arjuna..."

    Bima: ndet tulung ndet... Aink ti gebrus... Tulung ndet...
    Senopati: Tah raka salira ti gebrus kana embel, bade kumaha ayeuna?
    Arjuna: keun antep, nu penting mah masih hirup, hayu gusti senopati urang teras keun deui ngajugjug Imahna semar Badranaya...
    Senopati: Mangga... Hahaha memang milik arjuna, ieu Elmu tenung ti Dunungan aink nyerep ka Arjuna...

    Bersambung

    Nb: Nyuhun Keun Like sareng Komentarna Baraya Kanggo ninggal sakumaha Seuerna nu Ngaos ieu Carita, Hatur Nuhun.

Cerita wayang golek


  1. Dewa Nurcahya
    Bagian 1

    Kacarios di Nagara Awuawu Langit aya hiji raja Denawa pengawakan jangkung geude simbar dada bewos simros taya papadana pasemong lir bangbarongan Upama ngandika sentak sengor geleger alas bengkah.
    Hiji raja anu sakti mandraguna tutas tina katimbulan ka gagahan kasaktian lan ka mandraguna'an, Raja anu tukang naluk naluk keun Nagara dugi ka seuer kenging Kintunan Upeti ti nagara jajahanna...
    Sang Nalendra Prabu Jagat Netra di sarengan ku Patih jagat Sekti sareng Senopati Jagat Denta
    Nuju aya dina wacana ngeuna'an cara bade ngajajah Nagara Amarta anu dina danget ieu sesah di Jajahna nu jadi marga lantaran Eta nagara Amarta teh Kagungan Palsafah Panca Darma nyaeta Layang Jamus Kalimusada...

    Patih: Gusti Prabu aya hiji nagara anu hese pisan Di doktrin'na ku urang, Kaula jeung Sabalad balad parantos ngasup keun pahan kitu kieu teu mempan margi di eta nagara teh Kagungan Palsafah lambang ka agungan Nagara nyaeta Layang Jamus Kalimusada anu eusina teh Panca Darma...
    Prabu: eta mah Doktrin heula para pejabatna cenah nga'Amandemen terus eta Peraturan Nagarana, ngan realisasina euweh keun. Cekok para pejabatna cenah jaradi Bangsat kabeh engke urang dukung ku urang cenah nyieun lembaga KPK cenah silih omong keun, keun Antep cenah cekcok parasea para pejabatna tah geus didinnya Otomatis pan Bakal poho ka Rakyatna,.
    Patih: oh kitu paduka ..
    Senopati: leres gusti
    Prabu: lamun aya raskin harewosan ku urang tong cenah di bagikeun, keun weh bagikeun namah cenah kana nu wawuh weh wungkul, asup pan barang2 Narkotika ka para pemuda'na cenah taleler. Apan pemuda teh tulang punggung nagara lain?
    Patih: dawuh paduka
    Prabu: tah tulangna tuar heula ku urang ku cara lemes..
    Pasantren, rumah sakit doktrin terus...
    Cenah parasea kabeh, Ekonomina acak acak lamun aya Acara kasenian kawas Kuda renggong, wayang golek, beluk, jeung sajabana beja keun kituh kampungan maranehna cenah Ngamumule budaya urang,ngamumule Kasenian urang tah lamun maranehna geus poho kana budaya jeung kana kasenianna nagarana, tidinnya ku urang paok Budaya jeung kasenianna urang akui jeung ku urang Claim hak cipta ku Nagara urang, lamun nagara manehna ngagugat ka urang, tanya keun aya keneh teu Jelema di nagara'na nu bisa ka eta kasenianna, pasti moal aya da geus ka lindes ku budaya ti nagara Urang.
    Aya agamana doktrin supaya parasea manehna jeung manehna deui tah geus didinnya Urang Tinggal sadiakeun leungeun cing kandel keur keprok.
    Patih: nanging paduka di nagara Amarta mah Pejabat nateh nyaeta Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa tumut pisan ka lanceukna nyaeta Yudistira, Saolah olah lanceuk pang geude nateh jadi Gaganti bapakna...
    Prabu: tah mun kitu Culik heula Raja'na engke lamun geus ka culik urang menta tebusan,menta Upeti unggal Bulan ka eta nagara lamun teu mikeun Tah make jalan lemes nu ku aink di sebut keun tadi.
    Patih: Janten kedah di Culik heula paduka?
    Prabu: heueh culik heula Yudistira'na, ayeuna Maneh patih wayahna Anu kudu nyulik eta Raja ngan Omat kudu nepi ka hasil lamun balik mawa paisan kosong Aya mamala nu teu hade ka diri maneh.
    Patih: di esto keun Paduka, kinten-kintenna iraha kaula kedah lumampah?
    Prabu: ayeuna ulah di isuk pageto keun, aya paribasa Lebih cepat lebih baik, tong aya lengkah nu kapiceun "Time is Money" kitu lain?
    Senopati: hihihi, money teh biwir na nu maju ka hareup sanes?
    Prabu: eta mah Monyong atuh.. Sajauh jauh, geus tong ngabodor sakira-kirana dagang kulkas mah...
    Patih: sae paduka Kaula maksad ngajugjug Nagara Amarta bade nyulik Yudistira, Nyuhun keun doa'na wae...
    Prabu: bral geura lumampah jeung geura lumaku, jig geura indit..
    Senopati: Abdi oge bade ngiring weh paduka sareng Ki patih...
    Patih: ih entong, Geus maneh mah jaga weh ieu nagara...
    Pamit gusti...

    Ieu Patih Jagat Sekti kondor saking pangkonan Nalendra...

    Satengah jam Ti harita Ieu Prabu Jagat Netra Ka sumpingan Tamu ti nagara Astina nyaeta Resi Dorna di sarengan Arjuna. Anu maksad ieu Resi Dorna Sumping Nepangan Prabu Jagat Netra teh bade ngadaftar keun Arjuna supados janten Muridna ieu Denawa, Cenah Guguru Elmu panemu jampe lan pamake.
    Arjuna anu sasatna hiji murid resi Dorna anu paling tumut ka Dorna, Sagala ka sauran Dorna teu Weuleh di Gugu.
    Prabu jagat Netra Nampi Murid ka Arjuna nanging Syarat anu mutlak Arjuna kedah janten Jelema Tega, Syarat anu ka dua'na kedah nyacag awak jelema jadi Opat ari anu kedah jadi Tumbal nateh nyaeta Semar Badranaya.
    Arjuna nolak kana eta syarat kajeun keneh Bedo jeung teu gaduh elmu tibatan kedah maehan Semar margi di nagara Amarta mah tong boro maehan Jelema, maehan sireum oge ari panginditan tina ngewa mah bakal aya mamala margina dina eta mahluk sanajan leutik oge aya HIRUP...

    Arjuna Di olo ku pangolo Dorna sangkan daek guguru ka eta denawa,
    Ieu Prabu Jagat Netra teh ka sohor Gaduh elmu Sihir lajeng Prabu Jagat Netra Ngawatek Aji Tenung, Pikiran Arjuna di balik keun tina Teu sanggup jadi Sanggup Nyumponan Syarat Kedah Nyacag Semar jadi Opat...
    Prabu Jagat Netra Bingah taya papadana ku ka sanggupan arjuna nanging Bisi ieu Elmu Tenung Luntur tina diri Arjuna, Senopati Jagat Denta di tugas keun kanggo ngaping sasarengan sareng Arjuna kanggo Saksi bilih Arjuna Jalir tina Janjina.

    Arjuna, Dorna sareng Senopati Jagat Denta kondor saking pangkonan Nalendra ngajugjug Nagara Amarta Ka kampung Tumaritis Padumukan Semar Badranaya...

    Tunda Lampah eta ka carios dina mulihna Nakula sareng Sadewa ti Jajar Sokalima Nepangan Resi Dorna, jadi tanda tanya ka Bima ku naon Arjuna heunteu sareng? yen di saur keun ku Nakula Sadewa Arjuna Teh seja Guguru elmu ka nagara Awuawu Langit atuh ku kituna Bima Bendu sedengkeun eta raja teh, Raja biadab yakin bakal ka pangaruhan di mana Arjuna ka pangaruhan yakin bakal nyebar pangaruh denawa ka penganut arjuna, anu ngahaja bakal ngarubuh keun kana kakawasa'an Nagara.
    Ku kituna Bima Lumampah bakal nyandak Arjuna supaya ulah jadi Guguru ka eta Denawa,
    Maklun Bima jelema jangkung geude simbar dada Waos kekerot Soca beureum manghandeueul keun kanu jadi dulur Arjuna nu rek guguru ka Jurig,
    dugi ka Racleng simeut jangkrik ku gedjligna Bima Anu jangkung Geude.

    Bersambung...

    Nb: Klik "Bagikan" baraya Supados Rencang urang nu sami Mika cinta Seni Wayang Golek tiasa ngaos Ieu Carita...